KAGUNAAN MACA QUR’AN DINA KAHIRUPAN DI ULIK
TINA ASPẾK KASẾHATAN
Urang Islam pasti kenal nu ngarana Al-Qur’an, kitab suci nu di
turunkeun ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW ku parantara Malaikat Jibril ieu pikeun
jadi patunjuk ka jalan nu bener nu di ridoan ku Gusti Pangéran. Saur Dr. Subkhi
Salih Al-qur’an asal na teh tina kecap ﻗﺭﺃ nu hartina bacaan. Cek istilah Al-qur’an teh
minangka wahyu ti Gusti Pangéran nu mangrupikeun mu’jizat kanggo Nabi Muhammad
sarta ditulis dina mushaf diriwayatkeuna sacara Mutawatir, mung macana
ka asup kana ibadah tangtos meunang pahala.
Seeur urang islam nu teu apal kasiat
tina maca Alqur’an pangpangna mah tina aspék kasehatan. Apan Allah oge ngadawuh
dina QS. Al Isra/17: 82
“Jeung kami turunkeun kitab
Al-Qur’an salaku obat (hate) jeung Rahmat kanggo jalmi-jalmi anu ariman oge teu nambah ka
jalmi-jalmi nu dolim salin karugian”
Pamadegan
ku ahli tafsir yén nu disebut Asy-syifa teh hartina salah sahijina obat atawa
panawar racun.
Dr. Al-Qodhi, dina panaluntikan nu
panjangna jeung akurat di klinik gedé Florida, Amerika Serikat, tos
hasil ngabuktikeun yén ngan mireungkeun bacaan ayat-ayat Al-Qur’an saurang
muslim, rék eta nu ngarti bahasa Arab atanapi heunteu, bisa ngarasakeun
parubahan fisiologis nu kacida
ageungna.
Panurunan stress, kasedih, meunang kateunangan
jiwa, jauh tina sagala panyakit nu lumrahna mangrupikeun pangaruh umum nu
dirasakeun ku jalmi-jalmi nu jadi objék panaluntikananan. Patimuan
dokter ahli jiwa nu kahot ieu téh teu saramapangan/padu wae. Panaluntikanna di
bareungan ku bantuan alat-alat tehnoloji nu anyaran pikeun ngagambarkeun
tekanan geutih, jantung, jeung katahanan kulit minangka paamprok jeung listrik.
Tina hasil leb-na manéhna nyimpulkeun yén, bacaan Al-Qur’an téh mangaruhan
pisan kana awak jeung raga sampé 97% dina nimbulkeun kateunangan jiwa jeung panyageuran panyakit.
Al-Qur’an méré pangaruh nu kalawan
ageungna mun dipireungkeun ku orok. Hal ieu téh di sampékeun ku Dr.Hayati ti
Nagri Jiran sawaktu manéhna ngisi Seminar Konseling jeung Konseling pas tahun
1997 di Malaysia. Manurut panaluntikan manéhanna, orok nu umurna 48 jam ku
indungna di déngékeun ayat-ayat Al-Qur’an nunjukeun tanggepan nu saé nyaeta
leuwih tenang sareung semu imut.
Kacida atohna jeung mangrupikeun anugrah nu
taya babandinganna, urang tiasa mibanda
Al-Qur’an, bacaanna salain jadi ibadah, ogé mere pangaruh kanggo
kaséhatan jasmani jeung rohani urang.Selain ngaruh kana otak mangrupi IQ dan
EQ, bacaan Alquran ogé mangaruhan kana kacerdasan spiritual (SQ).
Miturut kana lagu tombo
ati ogé nu sok di bawakeun OPICK nyarankeun ka urang
sadaya sangkan urang kudu saéstuna maca Al-Qur’an sareung ma’nana sangkan urang
meunang kateungtreuman hirup dunya akhérat oge sangkan jadi jalmi anu cerdas, rék
eta cerdas émosina atanapi cerdas otakna ogé cerdas prilaku jeung taligamana.
#IrahamanéhtéhmacaQur’an
#TostamatacanQur’ana
#SingéraatuhmunteubisamacaQur’antéh
Dicutat tina Sumber: http://musiconlinecairo.multiply.com/ ditambihan
saéstuna kanggo bahan atikan tanggal 12 Oktober 2017, tabuh 15:47:14 WIB



Tidak ada komentar:
Posting Komentar